TANDANG………. !!! NYANDANG KAHAYANG

Ruksakna Iman Jeung Alam……

Hayu urang regepkeun pidawuh Alloh dina surat Ar-Rum 40-42, uni hartosna kieu : “Nya Alloh anu ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeunna anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal mateni maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal ngahirupkeun deui maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh nu migawe perkara nu karitu? Maha suci Anjeunna jeung maha luhung tina saniskara anu ku maranehna disarekatkeun. Geus timbul karuksakan di darat jeung di laut alatan pagawean leungeun manusa, anu balukarna Alloh nibankeun ka maranehna (wawales-tina) sabagian anu ku maranehna dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir. Pok caritakeun, “Jung maraneh geura ngalalana di ieu bumi, tuluy titenan kumaha balukarna jalma-jalma baheula anu kalolobanana jalma-jalma musyrik.
Upami dititenan sakumaha dawuhan di luhur, estuning ngagaduhan ma’na nu jero pisan. Siklus kahirupan, masalah karuksakan jeung palajaran tina kahirupan manusa samemehna pikeun eunteung ayeuna.
Dina tilu ayat di luhur, Alloh negeskeun ka manusa, yen ‘ngayugakeun kahirupan’, ‘nyiptakeun rejeki’ ajang bekel hirup, ‘maot’ jeun ‘datangna poe kiyamah’ sadayana mangrupa sunnatullah, sarta teu aya deui nu kawasa pikeun ngarobahna anging ku kawasana Alloh Swt. Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat jeung di laut nu jadi sabab pagawean manusa, nu saterusna timbulna kaayaan nu sarwa kurang jeung ilangna sareat pirijkieun, eta mah sanes kalebet sunatulloh, tapi alatan paripolah manusana sorangan nu teu nyekel pageuh naon nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. Alatan polah manusa saperti kitu oge, cirining manusa geus teu mampuh nyakinkeun yen nu ngayugakeun ieu alam jeung nu salawasna maparinan pituduh teh Alloh Swt.
Bukti-bukti arkeologis nu hasilna dikumpulkeun ku para elmuan tina sababaraha situs purbakala geus nuduhkeun, yen manusa moderen teh nu hirupna aya diluhureun fosil sajarah peradaban generasi manusa nu mampuh ngawanun kamajuan jeung karaharjaan, tapi maranehna ancur nu leuwih-leuwih alatan naon nu geus dilakukeunana. Di sagara keusik Arabia, di sababaraha dasar lautan, sarta dihandapeun tumpukan lava gunung vesuvius geus kapanggih ayana patilasan peradaban manusa nu dipekirakeun ancurna kalawan ngadadak.
Dina al-Qur’an seueur disebutkeun bangsa-bangsa nu diancurkeun alatan paripolah manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung akidah musyrik tea. Naha kumaha atuh hubungan kamusrikan jeung karuksakan di muka bumi ieu teh?
Alloh nu Maha ngayugakeun sadayana alam (Alloh al-Khaliq). Anjeunna geus ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. Alloh nu maha miara, nu ngajaga, tempatna panyalindungan. Alloh geus ngatur kalawan ditetepkeun ayana hukum alam nu disebut sunnah tasabubiyyah (kausalitas) kalawan sampurna (Alloh Robbul ‘alamin). Alloh tempat pangbalikkan sakabeh mahluk-Na (Alloh al-Ma’bud). Ku kituna, urang kedah teguh dina kayakinan yen teu deui pangeran nu ngajaga ieu alam anging aya dina penjagaan Alloh, teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh (tauhid rububiyyah), yakin yen teu aya deui pangeran nu wajib disembah anging ka hiji-hijina dzat Alloh (tauhid ubudiyyah), jeung yakin, yen Alloh mung hiji-hijina pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan (tauhid uluhiyyah).

Alatan kabodoan manusa sarta lolong dina kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi puseurna katoatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina.
Alatan kabodoan manusa oge, ahirna katalimbeng nepi ka mahluk dijadikeun “Tuhan” jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan ngajadikeun pangeran. Nu kieu nu ngaranna musyrik, nu jadi asal mula ditibankeunana sagala musibah.
Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu, boh di darat boh geus ngarasa jadi milikna sorangan, henteu ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu maha ngapimilik. Nepi ka maranehna ngarasa mampu ngadalikeun akibat nu geus dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran maranehanana. Maranehna deui sombong, ngajadikeun yen elmu pangaweruhna hiji-hijina pituduh hirupna sorangan. Nu kieu nu disebut kamusrikan dina harti nu leuwih luas. Kitu deui alatan pamadegan kitu nu saestuna akibat timbulna musibah di alam semesta ieu.
Ku kituna, kahartos pisan, naon sababna tiap Nabi jeung Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusia. Alatan kayakinan ka Alloh, manusa oge sayaktosna bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka bumi.
Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah caah, mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kaayaan ruksak, musyrik. Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan manusa henteu apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakeun ieu alam jeung teu apal kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Adam (bil quwwah) nalika diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah.
Ku kituna, nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu teh tanggung jawab manusa, tugas salaku khalifah, tugas urang yakin ka Alloh sarta tanggung jawab karana manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran potensi alam ieu.
“Cacakan pangeusi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi maranehna ngabohongkeun. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna”. (Q.S. al-A`raf :96).

Kamunafekan jeung karuksakan alam
Nalika hijrah ka Madinah sarta ngabebenah kahirupan anyar masarakat anu majemuk, Rasululloh mayunan hiji kaayaan anu bangga. Di Mekkah mantenna adu hareupan jeung jalma kafir sacara langsung. Di Madinah mantenna adu hareupan jeung jalma-jalma munafik. Lisan maranehna netelakeun kaimanan, tapi hatena ngabantah. Waktu maranehna diajak pikeun henteu nyieun karuksakan di alam dunya, maranehna ngabantah. Kalah sabalikna maranehna ngaku minangka jalma-jalma anu nyieun kamaslahatan. Nabi adu hareupan jeung tukang ngawaradul!
Ieu berita diinformasikeun ku Alloh dina surat Al-Baqaroh. Ieu bereta teh sabenerna mah aya luyuna jeung kaayaan mental masarakat, malah mah boa euntreup dina diri urang. Kamunafikan teh simbol tina pangaweruh anu henteu napel dina hate. Pangaweruh nu ukur nepi kana tikoro, henteu nepi kana kolbu. Pangaweruh anu eureun lebah obrolan, henteu jadi buah nu mangrupa tindakan.
Kiwari, cepil urang mingkin akrab mireng berita-berita musibah: katiga entak-entakan, caah, krisis pangan, nekna suhu, leyurna es di kutub utara, lini, abrasi basisir, sagara keusik ngalegaan, jeung berita-berita sejenna. Ieu berita goreng ngeunaan karuksakan di darat jeung di laut teh kawas mangrupa tina nu kaunggel dina Al-Quran anu diturunkeun 14 abad nu kaliwat. Pidawuh-Na : “Geus katembong karuksakan di darat jeung di laut balukar polah manusa, nu ditibankeun ku Alloh ka sangkan maranehna ngarasakeun kana noan anu geus dipilampah ku maranehna. Muga-muga maranehna balik deui (kana jalan Alloh) “. (Q.S. al-Rum:41).
Dina Al-Qur’an Alloh netelakeun yen karuksakan di alam dunya teh mangrupa (alatan) laku lampah manusa munafik. Dina lahirna mah maranehna pinter nyarita, ngomong kahadean, mroklamasikeun yen maranehna teh micinta agama jeung Alloh, tapi disatukangeun eta nyamuni seuneu mumusuhan. Di alam dunya, maranehna nyieun musibah, ngaruksak tatangkalan, jeung ngabinasakeun ingon-ingon ternak.
Hayu urang lenyepan deui pidawuh Alloh: “Sarta di antara manusa aya jalma anu caritaanana ngeunaan urusan dunya ngalantarankeun anjeun kataji. Sarta manehna kedal sumpah kalawan asma Alloh yen manehna micinta anjeun. Padahal manehna teh jalma anu kacida pisan ngamusuhna. Sarta upama manehna misah ti anjeun, manehna lumampah di alam dunya pikeun nyieun karuksakan, ngancurkeun tatanen jeung ingon-ingon ternak. Alloh henteu mikaresep karuksakan.” (Q.S. al-Baqarah : 204).
Di jama kiwari, jalma-jalma anu micinta lingkungan ngarasa guligah. Dunya urang ayeuna ngajerit alatan lumangsungna karuksakan leuweung anu neregteg. Balukarna, krisis cai ngancam padumi dunya! Hiji lembaga riset dunia mere laporan yen sapertilu sato mamalia di alam dunya ayeuna geus aya dina daftar merah kamusnahan!
Naon hubungan egoismeu jeung karuksakan lingkungan? Egoismeu jeung kateupadulian urang teh mangrupa marga lantaran mucunghulna sagala pasualan lingkungan anu kaalaman ku urang poe ayeuna. Rea di antara urang anu ukur mikirkeun kasenangan pribadi tanpa mikiran pangaruh anu bakal tumiba ka lingkungan di sabudeureun urang, pon kitu deui lingkungan global sacara gembleng. Ukur lantaran ngarasa boga duit, urang henteu malire pepeling jeung ajakan pikeun ngirit enerji.
Geura sawang: Sakumaha rena enerji jeung sumber daya anu kudu kapiceun teu puguh ukur alatan jalma-jalma hayang ngararasakeun kasenangan anu saenyana mah henteu bener-bener dibutuhkeun ku maranehna. Sakumaha reana enerji jeung sumber daya anu kapiceun teu puguh ukur alatan hayang midang pinuh ku gengsi.
Jalma-jalma mindeng meuli hal-hal anu ku maranehna henteu dipikabutuh, ngaganti barang-barang anu kuduna mah masih keneh bisa digunakeun ukur alatan bosen. Urang henteu kungsi mikiran sakumaha reana tanaga jeung sumber daya ieu planet anu ruksak keur nyumponan eta kabutuhan egois urang.
Regepkeun hiji hal: Artos saderek memang tiasa dianggo meser mangleter-leter BBM, tapi eta artos teh henteu bisa mulangkeun saban leter BBM anu parantos dicandak ku saderek ti alam. Butuh jutaan taun pikeun ngahasilkeun BBM anu ku saderek tea dianggo.
Ulah ukur mikirkeun kasenangan hirup sorangan. Paling henteu geura pikiran kaayaan generasi panerus, maranehna kudu ngalakonan hirup kalawan sagala sumber daya anu kacida pisan kawatesanana alatan polah kolot, aki, nini, jeung karuhunna dina mangsa nu geus kaliwat.
Laju saderek bakal kagungan pikiran, kapan urang teh boga enerki alternatif kayaning bio fuel, hidrogen jeung sajabana? Angger bae eta sakabeh henteu gratis, teu weleh aya nu kudu dikorbankeun. Bio Fuel ngabalukarkeun karuksakan lingkungan lantaran keur melak eta tatangkalan bahan bakar teh butuh lahan anu henteu saeutik. Hidrogen masih keneh mahal sarta tacan bisa diproduksi sacara efisien. Kumah keh lamun planet urang ancur tiheula samemeh urang bisa ngarasakeun genahna eta tehnologi. Kiwari urang paudag-udag jeung waktu.
Rea pisan jalma di beubeulahan dunya sejen anu kacida butuhna ku saban keclak BBM anu dipake ku urang, saban keclak cai beresih, jeung hal-hal sejenna anu ngarojong kahirupan maranehna. Hayu urang singkil sarta ngabuleudkeun tekad yen manusa teh bener-bener mahluk pilihan Alloh anu ditugaskeun jadi khalifah: ngama’murkeun alam dunya sarta nanjeurkeun perdameyan. Berjuang nyegah karuksakan sarta ngabebenah deui sakumaha Alloh ngabebenahna nepi ka salaras tur saimbang.
Upama urang geus salah ngalengkah sarta ngalaksanakeun tindakan tanpa elmu dina ngamangpaatkeun alam. Urang omean lengkah jeung tindakan urang. Urang bayar kasalahan urang ku laku lampah anu sabalikna.
Upama urang geus milampah tindakan anu talobeh dina ngamangpaatkeun sumber daya alam, ngahare-harekeun hasil analisa dampak lingkungan (AMDAL), atuh ayeuna urang ngalaksanakeun tobat nyeta ngeureunan tindakan anu talobeh tanpa pangaweruh, pindah jadi manusa anu wijaksana anu ketak igelna teu weleh ati-ati tur taliti.
Ku margi kitu, hayu urang babarengan ngedalkeun tekad geusan salawasna ngaberesihkeun diri urang tina kamunafikan. Ku ieu cara, muga-muga urang kaasup kana jalma-jalma anu bagja di dunya jeung aherat.
Amiin

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: